Kamis, 29 Januari 2015

Kiliningan

Kliningan nya éta saperangkat gamelan surupan saléndro dibarengan ku dua juru sekar anu kawengku ti pasindén jeung wira swara, lamun dipintonkeun sacara khusus disebut kliningan.[1] Kiliningan ogé disebut siku-siku jurutilu nu sok ditakolan dina musik. Upamina dina Tanji.[2]

Etimologi

Kiliningan asalna ti ngaran salasahiji waditra nu dina mimitina dijadikeun salasahiji waditra dina kasenian ieu.[1] Wangun Kilining saperti Gender (waditra ti gamelan Jawa).[1] Sanajan waditra kilining éta teu dipaké dina pintonanna, ngaran kasenianéta angger disebut seni Kiliningan, sanajan teu aya waditra kilining.[1]
Seni Kiliningan kaasup kana ragem karawitan sekar-gending.[1] Ku kituna juru kawih, atawa disebut ogé Pasindén, kacida boga peran nu sentral pisan dina seni Kiliningan.[1] Pikeun generasi anu sepuh anu kungsi ngalaman mangsa kadigjayaan Kiliningan ti taun 60-an, masing-masing bakal ngabogaan Sindén favorit antara dua pasindén, nya éta Upit Sarimanah jeung Titim Patimah.[1] Seni Kiliningan masih boga peran dina kahirupan kasenian tradisi di Jawa Kulon. Sanajan geus rada jarang anu khusus mintonkeun seni Kiliningan, namung materi kasenian ieu bakal tampil dina pagelaran seni Wayang Golék dina wangun Kiliningan.[3]

Materi Pagelaran Kiliningan

Materi seni Kiliningan kawengku ku dua unsur nu ngahiji, nya éta juru sekar jeung juru gending.[1] Nu kaasup ka juru sekar nya éta: Sindén, sedengkeun nu kaasup juru gending nya éta: nayaga jeung pangrawit.[1] Juru sekar dina kiliningan dibagi deui jadi dua, nya éta awéwé jeung lalaki. Juru sekar awéwé disebut pasindén, sedengkeun juru sekar lalaki disebut wira swara. Sakurang-kurangna dina hiji pagelaran kiliningan kudu aya hiji sindén jeung hiji wira swara.[1] Pancén juru sekar nya éta salaku nu ngawih.[1] Dina raraga ngawihkeun lagu-lagu unggal juru sekar kudu nuturkeun aturan gending (musik nu mirigna) anu geus baku dipirig ku nayaga.[1] Aya ogé musik pamirigna dingaranan gamelan.[1] Gamelan dina seni Kiliningan biasana laras saléndro.[1] Waditrana dua Saron, Peking, Demung, Bonang, Rincik, Kenong, Goong jeung Kempul, Ketuk kempyang, Gambang, hiji set Kendang, sarta Rebab.[1] Unggal waditra dipaénkeun ku hiji nayaga atawa disebut ogé pangrawit nu biasana lalaki.[1] Pangrawit dina Kiliningan dipingpin ku saurang anu sakapeung ogé ngarangkep jadi nayaga ogé. Pangaturna disebut Lurah Sekar.[1]Materi anu disajikeun dina Kiliningan utamana nya éta lagu-lagu khas Kiliningan, dina umumna ogé wangunna sekar tandak anu dibawakeun ku juru sindén jeung wira swara.[1] Lagu-laguna mangrupa gabungan ti lagu-lagu tradisi gubahan anyar, atawa lagu-lagu anu masih dipikanyaho ku nu nyiptakeunna, saperti Es Lilin jieunan Bu Mursih, Sakadang Kuya jeung Torotot Heong jieunan RTA Sunarya jrrd

Tidak ada komentar:

Posting Komentar